Selasa, 04 Januari 2011

36. Saurna Raden Muslimat, upami kitu mah harti, jadi sasat nu uninga, nya
gusti Rasulullohi, rakana ngawalon deui, leres rai bener kitu, mana ulah
salah paham, hartina Rosulullohi, rasa Allah rai eta rai moal salah.
37. Raina deui unjukan, aduh raka nuhun teuing, rai dipaparin terang,
namung bade naros deui, saur engkang teh tadi, Waman aroffa nafsahu,
faqod aroffa robbaha, man aroffa robbaha deui, salajengna jeung  faqod jahilan
nafsah.
38. Saha-saha anu terang, kana dirina pribadi, tangtu nyaho ka Pangeran,
saha nu nyaho ka gusti, bodo dirina pasti, unggel Hadist eta kitu, naha
diri nu mana, anu kudu dipilari, naha ieu nu ngajentul badan badag.
39. Saupami sayaktosna, kudu nganyahokeun diri, diri ieu anu aya, nu bukti
ieu ngajagrig, raos rai hanteu hasil, bet asa teu puguh-puguh, kapan
enggeus katinggal, enggeus sidik ti leuleutik, moal enya susah
diteangannana.
40. Ngajawab deui rakana, rai kawas murangkalih, kantenan hanteu hasil
mah, neangan diri nu bukti, naha tacan tinggali, kana diri nu satuhu,
kapan ieu mah jasad, ngaran-ngarana oge jasmani, ngaran diri anu
sabener-benerna. 
41. Hiji ngaran Narun tea, Hawaun, Turobun deui, Ma’un anu kaopatna,bilih
rai tacan harti, nyaeta badan rohani, tah eta rai nu kudu, ku urang   
masing kapendak, ari nu ngaran jasmani, kudu ilang tapi papada
ilangna.
42. Ulah leungit tanpa sabab, leungitna kudu kaganti, kagenten ku opat
rupa, kakara bisa ngajadi, mun masih badan jasmani, kumaha geusanna
mafhum, kudu genten ginentenan, ilangna badan jasmani, sing kagenti
ku badan rohani tea.
43. Sabab hartina  Jas eta, piraku hanteu kaharti, kapan baju ceuk sundana,
ari hartina teh  mani, nyaeta badan rohani, sasatna baju teh bungkus,
bungkusna rohani tea, anu mawi moal hasil, lamun urang
nganyahokeun badan nyata.
44. Kudu dirakrak bajuna, sangkan eusina kapanggih, tah sakitu ibaratna,
ieu teh badan jasmani, hijabna ka Maha Suci, mun teu ilang heula wujud,
eusina moal kapendak, disaibaratkeun ucing, maksud ucing rek ngintip
beurit kaluar.
45. Kaluar tina liangna, tapi ucingna teh cicing, dina hareupeun liangna,
kalah paeh moal bijil, tangtu pisan moal hasil, tah ibarat rai kitu, ucing
teh ibarat jasad, beurit ibarat nu Latif, mo kapanggih mun jasad teu rasa
ilang.
46. Mun dina ucing tea mah, hayang kaluarna beurit, ucingna teh  kudu
nyingkah, kakara torojol beurit, menggah di jalmi ge rai, mun hoyong
ma’rifatu, kana dzat Allah ta’ala, kudu sing ngarasa pasti, sing ngarasa
hanteu ngabogaan jasad. Layang Muslimin Muslimat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar