Selasa, 04 Januari 2011

47. Dina keur waktu tarekat, sing ilang rasa jasmani, kagenten ku
Rasulullah, rasa ni’mat anu sajati, bakating resep ninggali, kana dzatna
Maha Agung, tangtu ngarasa ilangna, dunya sarawuh jasmani, ceuk
babasan sarangka manjing curiga.
48. Raina lajeng ngajawab, katerangan engkang tadi, kahartos kabina-bina,
jadi caang pikir rai, geus moal rek udar deui, geus sumurup kana kalbu,
moal unggut kalinduan, moal kagedag ku angin, sabab sidik  dalilna
jeung karasana.
49. Kantun saeutik can paham, hal sundana dalil tadi, ku rai can
kalenyepan, masih heran keneh ati, dina saha-saha jalmi, nu  terang ka
Maha Agung, disebat bodo dirina, beh dinya rai teu ngarti, masih
bingung ku rai can kalenyepan.
50. Aya nu terang ka allah, disebatkeun bodo pasti, sanes pinter kasebatna,
naha asa bingung teuing, naha ari nu katepi, ma’rifat kanu Maha Agung,
dina ceuk dalil eta, disebatkeun bodo pasti, atuh leuwih hina tinu hanteu
terang.
51. Rakana lajeng ngajawab, naha rai can kaharti, basa bodo teh  hartina,
manusa mah moal teuing, ma’rifat ka Maha Suci, sabab dalil geus
ngawengku, Laa haula wala quwata, illaa billahil ‘aliyil ‘adim, hartina teh teu
daya teu upaya.
52. Mun manusa nu ma’rifat, mutajilah eta pasti, sabab ngajirimkeun Allah,
katinggal ku panon bukti, ku mata anu buncelik, atuh saperti si waru,
papanggih jeung si dadap, sidik aya dua jirim, aya itu jeung aya diri
manehna.
53. Kapan Allah Nafi Isbat, aya Isbat euweuh Nafi, aya Nafi euweuh Isbat,
kalem timbul kitu rai, Isbat ayana pasti, diri manusa geus tangtu, nya ieu
sifatna urang, Nafi ayana rohani, mun keur Nafi Isbatna kudu teu aya.
54. Ceuk raina atuh saha, nu ma’rifat ka Yang Widi, ari sanes manusa mah,
saur raka mun teu harti, anging Jeng Rasulullohi, Muhammad  Nabi
panutup, nu sumareh di Madinah, majajina mah geus sidik, enya eta
sareatna nu ma’rifat.
55. Diurang mah hakekatna, hakekat Muhammad Nabi, nyatana nyaeta
rasa, awas paninggali ati, eta nu bisa tinggali, ma’rifat ka Maha Agung,
ari tinggal manusa mah, nu make panon buncelik, eta kitu dina
katerangannana.
56. Jawab rai nuhun engkang, rai dipaparin harti, anu sakieu terangna,
matak ni’mat kana ati, lamun dibeuli ku duit, nimbang harga samaliun,
da naros ka nu sanes mah, weleh bae teu kaharti, aya basa tatapi hanteu
karasa.
57. Sabab ngan wungkul ceuk beja, beja dibejakeun deui, diandel bae
basana, buktina teu dipilari, keukeuh ngaji luar diri, ngajauhkeun ka
Yang Agung, teu diaji salirana, sifat dua puluh yakin, ngan di aku
nyatana badan anjeuna. Layang Muslimin Muslimat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar