Selasa, 04 Januari 2011

NERANGKEUN HADIST
Anu kasebut dina kitab Mantiq
####ف
#
 ######
فر
Sinom
27. Malah-malah rai aya, dalil deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, fiidunya bi
‘ainil qolbi, kitu anu kauni, ari hartina teh tangtu, ninggali Allah di
dunya, kudu ku awasna ati, hanteu bisa ninggal ku panon kapala.
28. Samalah aya lajengna, aya deui anu kauni, Ru’yatullahi ta’ala, lajengna Bil
akhiroti, teras bi’aenil ‘arsi, sundana teh kitu deui, ningal Allah di akherat,
ku panon teu salah deui, tatapina hanteu kalawan kapiat.
29. Sabab teu adu hareupan, kusabab enggeus ngahiji, kawas kembang
jeung seungitna, saperti gula jeung amis, kertas jeung bodasna deui,
kawas ombak sareng laut, tah kitu eta hartina, raina ngawalon ta’dim,
rebu nuhun engkang kersa miwejang.
30. Namung nyanggakeun duduga, muga ulah bendu galih, reh aya nu can
kapaham, rai bade naros deui, rakana ngawalon manis, aduh rai rebu
nuhun, dipalebah pun engkang mah, boro-boro ngewa ati, anggur atoh
boga dulur nyaring manah.
31. Anu aya diengkang mah, sumawonten pangarti, sanajan dunya barana,
lamun dipundut ku adi, moal rek dibuni-buni, wantun sumpah tangtu
katur, ceuk raina nuhun pisan, engkang heman ka rai, yaktos engkang
saderek dunya akherat.
32. Kieu engkang sayaktosna, bade tumaros teh rai, reh tadi dawuhan
engkang, ceuk dalil  Awwalu dinni, sareng  Ma’rifatullahi, anu tadi
dipisaur, kudu nyaho ka dzat Allah, saha nu kudu ninggali, lamun
urang nu kudu terang ka Allah.
33. Kapan geuning geus kapegat, kapiheulaan ku dalil, Laa haula wala quata
Illa billahil ‘aliyil ‘adim, kapan hartina teh dalil, teu daya upaya kitu, sasat
ngajadi rokrak, beh dinya rai teu ngarti, aya rokrak bet kudu kawasa
ninggal.
34. Upama kitu mah dua, hirup rokrak hirup Gusti, rakana lajeng ngajawab,
rai ulah salah harti, urang soteh ceuk nu hurip, sategesna hurip hirup,
hirup nyatana cahya, hakekatna Muhammad Nabi, hurip rasa, rasa teh
nya Rasulullah.
35. Tah kitu rai hartina, bilih rai tacan ngarti, lain urang ceuk nu anyar, nu
anyar damelan gusti, nu anyar moal tinggali, tangtu gusti  anu weruh,
anu Dzat laisa tea, bila haiffin makanin, enya eta sategesna Ahadiyat tea. Layang Muslimin Muslimat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar