Selasa, 04 Januari 2011

LAYANG 
MUSLIMIN MUSLIMAT
JILID KA I
Asmarandana
1. Ieu anu rek digurit, lalakon jaman ayeuna, hal salira anu jongkot,
ngawincik aturannana, supaya jadi kabuka, kabuka tunggalna  wujud,
dipapay ti memeh aya.
2. Nepi kana aya bukti, tina taya kana aya, geus aya bet ngalalakon,
ngalaman di alam dunya, nyorang kana karamean, ayeuna baris diatur,
urang papay ti asalna.
3. Tina tadi asal sepi, dina alam memeh aya, ari geus aya bet jadi cekcok.
Sepi dina jaman Kun Dzat, cekcok jaman Kun Fayak, Kun Mutlaq geus
sidik wujud, rupa sarupa-rupana.
4. Rupa teu kenging disalin, kitu tandana Kun Mutlaq, saperti rupa awewe,
mun kitu sidik rupana, teu kenging dirobah, rupa pameget nyakitu, teu
beunang dipindah-pindah.
5. Rupa istri pikeun istri, pameget keur rupa lanang, henteu salah kituna
teh, eta tandana Kun Mutlaq, tapi ieu ayeuna, ku jisim kuring diatur, ku
carita sangkan terang .
6. Kahijina ku pamilih, kaduana ku umpama, bade didamel lalakon, geura
kieu cariosna, pang ieu urang gumelar, kersana Gusti Yang Agung,
ngadegna gumelar sifat.
7. Hanteu ujug-ujug bukti, ngersakeunnana gumelar, sasat ngadamel
lalakon, kieu ceuk papayannana, namung upami mufakat, rempug
sareng dulur-dulur, mun teu cocog sae cempad.
8. Tapi pamugi sim kuring, upama aya nu lepat, mugi kersa mere hartos,
nyakitu deui basana, tangtos seueur nu lepat, mugi neda tawakup, margi
ngarang nembe pisan.
9. Kocap aya hiji Nagri, ngaran Nagri Raga Taya, ari nu mangku Bupatos,
anu nyepeng Raga Taya, nelah jenengannana, kamashur ka unggal Ratu,
sang Prabu Jasadiah.
10. Dupi anu jadi Meswari, jenengan Ratna Atiyah, tunggal turunan
Bupatos, teges terahing Kusumah, estu layeut sami pisan,  siang wengi
tara jauh, babarengan tara pisah.
11. Kocap eta Kangjeng Gusti , geus kagungan dua putra, pameget langkung
karasep, kacatur jenengannana, Raden Muslimin cikalna, kaduana anu
bungsu, katelah Raden Muslimat.
12. Teu kinten-kinten diasih, ku Ibu rawuh ku Rama, teu pilih kasih dienod,
duanana dipalajar, Agama sareng Elmuna, raka rai sami suhud, ngesto
ka piwejang Rama. Layang Muslimin Muslimat
2
13. Naon bae sakaliring, sakur pangwuruk ramana, hanteu aya anu mencog,
dihartikeun ku duaan, sarta geus kamaranah, geus sumurup kana qalbu,
sadaya wuruk ramana.
14. Saparantosna mangarti, kana sadaya piwejang, dua putra lajeng wae,
amit ti payuneun Rama, ngalih ka sejen tempat, caralik di  tempat
singkur, ngahusukeun wuruk rama.
15. Nu mimiti naros rai, nyaeta Raden Muslimat, ka rakana bari mando,
hormat tumaros ka raka, saur Raden Muslimat, mugi engkang ulah
bendu, rehna rai kumalancang.
16. Kumawantun naros rai, kumargi raos pisan, rai masih keneh bodo, moal
sapertos engkang, dina perkawis Agama, nu ku Ama dipitutur, rai tacan
paham pisan.
17. Ngawalon Raden Muslimin, duh rai taya pamengan, ka engkang bade
tumaros, naon sakapaham engkang, moal arek dikilungan, kajabi anu
teu acan mafhum, pun engkang moal tiasa.
18. Perkawis Agama suci, geura kieu sayaktosna, ku engkang baris ditektek,
diterangkeun mimitina, geuning kieu dalilna, dina hadist geus
kamasyhur, dalil teh kieu unina.
19. Mimitina  Awwalu Dinni, lajengna  Ma’rifatullah, sundana kieu eta teh,
lamun rek lalakon agama, wajib ma’rifat heula, kana dzat Allah nu Maha
Agung, supaya sah ibadahna.
20. Tapi rai sanes deui, hal ma’rifat ka dzat Allah, eta teh lain sapertos,
nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah, hawadist teh nu
ngajentul, nu nyata aya buktina.
21. Tatapi masing kaharti, atawa ka elmu tea, sabab Allah ta’ala  teh, ceuk
saksina Dzat Laesa,  Kamislihi terasna, hartina dzat yang agung, hanteu
aya umpamana.
22. Ngan dawuhan Kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana,
nganyahokeun diri maneh, diri anu sajatina, sabab kieu ceuk Hadistna,
Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha.
23. Jeung aya lajengna deui, Man aroffa robbaha, Faqod jahilan nafsah teh, kieu
pihartieunnana, saha-saha jelema, nyaho ka dirina kitu, tangtu nyaho ka
pangeran.
24. Jeung saha nu nyaho deui, geus nyaho ka pangeranna, dirina geus
tangtu bodo, tah eta kitu hartina, mangga geura manahan, dalilna eta teh
kitu, pikeun saksi ngelmu tea.
25. Malah dawuhan Jeng Nabi,  Illa anna awallanafsah, terasna teh  fardu ‘ain,
kieu eta teh sundana, mimitina hal ibadah, sing terang jatining hirup,
masing tepi ka ‘aena.
26. Sasat kudu katinggal, sifat hirup sing kapendak, jatining sahadat eta teh,
bibitna sagala rupa, nya hahekat Muhammad, awalna Muhammad kitu,
nya eta Sagara Hayat. Layang Muslimin Muslimat

Tidak ada komentar:

Posting Komentar